Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Teks MC Bahasa Sunda Serah Terima Pengantin


Pidato Bahasa Sunda – Pidato yang dibuat dalam bahasa Sunda dinamakan biantara. Isinya kurang lebih sama dengan jenis pidato lainnya, yang dibuat dan disampaikan dalam bahasa Indonesia. Pidato dalam bahasa sunda juga bertujuan untuk menyampaikan suatu gagasan, kepada banyak orang atau di khalayan umum. Namun isi dari pidato itu sendiri, tetap harus memiliki tujuan yang jelas.

Karena ketika kita berbicara di depan orang banyak, tentu kita harus memiliki arah pembicaraan yang jelas. Jangan sampai orang yang mendengarkan tidak merasa jelas atau paham atas apa yang disampaikan. Penyampaian pidato bahasa Sunda tentu harus disesuaikan dengan tempatnya, karena penonton harus paham apa yang sedang dibicarakan.Contoh pidato bahasa sunda singkat tentang pendidikan, kebersihan, perpisahan, kesehatan, lingkungan, narkoba, kemerdekaan, pemuda, agama, dll.

 

Tujuan Pidato

Beberapa tujuan pidato antara lain

  1. Memberikan informasi dan pemahaman kepada orang lain yang mendengarkan pidato kita
  2. Untuk mempengaruhi pendengar agar melakukan apa yang kita sampaikan
  3. Memberikan kesan positif agar orang lain senang dengan apa yang kita sampaikan sehinga orang lain semakin mudah memahami apa yang kita ungkapkan

 

Berikut ini kita akan membahas singkat tentang pengertian pidato, unsur-unsur pidato, cara berpidato agar tidak grogi. mengulas lengkap mengenai contoh pidato singkat yang baik dan benar.

Mulai dari contoh pidato bahasa jawa perpisahan, contoh pidato bahasa jawa, contoh pidato bahasa jawa singkat, contoh pidato bahasa jawa pendidikan, contoh pidato bahasa jawa tentang disiplin, contoh pidato bahasa jawa narkoba dll, oke sekarang kita kembali lagi ke pokok pembahasan kita yaitu tentang contoh pidato, langsung saja kita simak uraian di bawah ini.

 

 

 Berikut adalah kumpulan contoh pidato berbahasa jawa:

 

Contoh Teks MC Bahasa Sunda Serah Terima Pengantin


Hadirin anu kusim abdi dipihormat, bapa miwah ibu keluarga calon panganten isteri bapa (…) miwah ibu (…) anu kusimkuring dipihormat sareng mugia ku Alloh di Mulyaken. Kulawarga calon Panganten pameget bapa (…) miwah ibu (…) sakulawrgi rombongan ti (…) anu kusimkuring dipihormat, Alhamdulillah rombongan parantos sumping ngalet ngengkey ngabandalet ngembat-ngembat nyatang pinang.

Gunung luhur dihandapen nana lamping, ditungguan ku bidadari, haturan wilujeng sumping di rorompok calon panganten Isteri Tempat pangharepan sarakan jeng kulawarga, kapihak calon panganten istri, bisi sijalu hanjelu, silanang honcewang, sumangga gera hiyap calon panganten pameget sareng rombongan.

Al-mukarom al-mukaromah ‘alim ‘ulama para ju’ama, para petugas ti Kantor Urusan Agama sinareng Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding, hadirin kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji2na, pribados atas nami kulawarga Bapa (…) sareng ibu (…) ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku palawargi samudayana, dina acara nemrakkeun kabingah nyaeta Seja Walimatul ‘Urusy anu janten putrina anu jenenganna (…) anu maksad bade di dahupkeun ka kang (…).

Dina danget ieu, ananging pamugi palawargi ageung tawakufna saupamina tinangtos panampian tatamu  tebih tina nyugemaken, sakieu ayana, hapunten sakalid eui hapunten. kana kasayogian bapa sinareng ibu tiasa rurumpahen sumping seja nyakseni detik detik anu ngabahagiaken dina dintenan anu dipikasieup ku rasa asih asah tur asuh dina raraga akad nikah dua insan anu saling mika asih anu tadina pada jauh lir ibarat pribahasa “Asam digunung garam dilautan bertemu dalam satu belangga”.

Anu insya Alloh bade diraketken ku pernikahan anu suci dina dintenan ieu, kaping ieu, bulan ieu, taun ieu, sabada samarca pada nyakseni aya dua pamayang papasangan anu bade ngambah sagara ciptaan pangeran , tarik jangkar beber layar menuju pulo anu ditaretes kukabahagiaan, Mugia kasumpinganana Bapak Miwah Ibu ngajantenken Ibadah, dicatet amal kasaean anu baris nyandak kabahagiaan dunya sinareng akherat. Amiin Yaa Alloh Ya Robbal A lamin.

 

Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja. Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan, panundung ujub jeung takabur,  anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna ati, geusan nampa jorelatna hidayah Al-Qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.

Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek monteng, najan loba nu muntangan.

Mudah-mudahan Alloh SWT tetep masihken pitulung sareng taupikna kaurang sadaya sangkan gemah ripah repeh rapih loh jinawi sarta tengtrem karta raharja dugika urang tiasa nyuprih hikmah sareng padilah sinareng mamfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan, patepang disalaka maya dilajengken dibuanan nyata 2 tetep ngagedurken geeter-geter asih janten  pasini janji seja laki rabi, kiwari cunduk diwaktu ,ninggang dimangsa, nitih wanci anu mustari kang (…) Sareng teteh (…) Didahupken dibale nyungcung.

Sholawat sinareng salam teh hiji do’a, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu maneuh, ka gusti junjunan alam, kakasih Alloh, Mugia Salawat sareng salam dikocor golontorken kapanutan urang sadayana habibana wanabiyana Sayyidina Muhammad SAW, ka kulawargina, miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet urang sadayana. Amiin.

Hadirin anu kusim kuring dipihormat.. Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan. Lalangse panyana hate, mapag balebat dibeulah wetan, rek ngembat taya simpangan, namung memeh kebat nya lumampah pribados anu kapapancenan janten panungtun ieu acara seja ngawincik rentetan acara anu bade dipedar, nyaeta

1. Pembukaan
2. Aosan ayat suci al-Qur,an sareng solawatna
3. Biantara pamasrahan calon panganten pameget kupihak calon panganten pameget
4. Biantara panampian calon panganten pameget ku pihak panganten isteri
5. Akad nikah
6. Sungkem
7. (…)
8. Du’a
9. Tutup

Supados henteu nyangkolong kana waktos tur ageng barokah sumangga urang kawitan. Seja Bubuka anu awal ku aosan basmallah, sabab saur katerangan ngadawuhkeun.

كل امر ذي بال لا يبدء باالبسمله فهو اقطع او اجدم

Anu pihartoseunana kirang langkung satiap perkara anu teu dikawitan ku maos Basmallah maka eta perkara teh pegat tina rohmat Alloh, atanapi moal sampurna, kumargi sakitu hayu urang sami-sami aoskeun ayat basmalllah sasarengan…

Hadirin kadang mulya sadayana ! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, buktosna kitab suci Al-Qur’an. Bisi leumpang pareng sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung poekeun jalan sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah.

Kumargi sakitu acara salajengna nyaeta pembacaan ayat suci Al-Qur’an sinareng solawatna, manga urang danguken lantunan kalam ilahi sangkan nyusup abus kana ati, sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci Al-Qur’an anu bade diaosken  ku sdrk (…), sumangga anu kapapancenan kalayan hormat dihaturanan.

Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape, ngupahan manah nu susah, rembes nembus kana sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok komo upami ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna.

Ngahaturken rewu nuhun  kanu parantos maosken ayat suci Al-Qur’an sinareng solawatna mugia ageung barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana. Wabil Khusus jadi pang jajap jadi pang dedel  du’a kango dua calon mempelai, jadi pangregreg, pang ludeng kana mayunan akad nikah.

Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, manggih beja, aya jajaka rek nyaba, rek nyusul jangji pasini, rek ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantay, legeudeut aleutanana, kalayang kalakay ragrag. Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh, namung wincikan pangeusi galih, guaran kandungan manah, eta mah tacan katorah, geusan ngabejer beaskennana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalangan.

Manga ka pupuhu atanapi wawakil ti Calon panganten Pameget seja biantara sambutan pamasrahan calon panganten pameget kupihak calon panganten pameget manga kamantena dihaturanan. Anu bade ngawakilan biantara ti wawakil panganten pameget, waktos sareng tempat dihaturanan ka anjena.

Para wargi sadaya nembe sami sami nyakseni gerentes kalbu,  kasepuhan calon panganten pameget sareng rombongan . lain lantung tambuh laku, sanes lunta tanpa seja , purwa aya anu dimaksad seja ngaitken, janji pasini, manjangken tali babarayaan. Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat nemrak, sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil tuangputripurah nutu, purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gede, kitu na teh bari nyekel tutungkusan.

Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawiraos ka bingah pribumi mah langkung tikitu. Ngahaturken rewu nuhun  kanu parantos ngadugiken sambutan nana tiatas nami calon panganten pameget.mugia ageung barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana.

Sakeser daun satangkal , sabungkus bareng jeng bungkusanana, rupina bade nyerahken calon panganten pameget sareng cacandakannana. Sim kuring saukur darma , te wasa panjang carita, kango pangwalerna, baris langsung bade didugiken kusesepuh tipihak calon panganten istri Giliran nu kasumpingan, enggal geura bageakeun wae,nyaeta gera biantara  kana sambutan ti pihak calon panganten isteri panampian calon panganten pameget ku pihak panganten isteri ka bapa (…) kalayan hormat sumangga dihaturan.

Para wargi sadaya bingah amar wata suta bingah kagiri giri bingah nu taya papadana. Nugar cadas manggih emas. Mobok manggih gorowong aya jalan komo mentas , jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek laksana aya pamaksadan.

Ngahaturken rewu nuhun  kanu parantos ngadugiken sambutanana kana biantara nampi calon panganten Pameget ngawakilan tiatas nami calon panganten isteri mugia ageung barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana

(lajeng seren sumeren Simbolik)

Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentre, namung, naon nu kasanggakeun, sareng nu katampi nembe babasaan, taeis tampan tinampan ti dua pihak, seren sumeren simbolik, sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di ka payunkeun, oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren, mangga majeng kapayun

Para wargi sadayana niti wanti nu mustari ninggang magsa nu utama. Malati ligar na ati campaka mekar na dada. Koleak sakembaran, koceak ninggang ugana, uga pakaitna tali asih  ngadahupna ieu dua insan, janji urang pastiken subaya urang nyataken, nu diseja nyaeta panyakseni tipara wargi sadayana, kadang wargi anu mulya !!

Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we aya jalan komo meuntas, mobok Manggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh dua pihak sami ikrar, manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana sisindiran : Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek. Ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, itu hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. Keur mungkas carita lagas, lalakon waktu rumaja, jog anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung, gapuraning rumah tangga, bakal sasalimpetan sareng susulumputan.

Kantun rukun nu utami, Acara anu salajengna nyaeta acara anu diantos antos lir ibarat popoek ngantosan caaang, hiji waktos anu ngageterken ati anu ngabungahken kana diri nyaeta akad nikah manga bapa petugas kantor Urusan Agama kalayan hormat dihaturanan ngagarap hancenganana….

Hadirin anu kusim kuring dipihormat.. Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ludeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah, paragi nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak.

Alhamdulilah wasyukurilah kalayan rido gusti nu maha welas tur maha asih oge pangdu’a tisadayana acara akad nikah parantos rengse aya dina kalancaran ngajantenken hiji kagumbiraan wirehna akang (…) sareng teteh (…) Parantos sah janten laki rabi / suami isteri raja sehari ngajadi panetep diri piken ngadawung rumah tanggi menuju pulau kabahagiaan anu ditaretes ku cinta ti dzat ilahi raby.

kalayan lancar mugia dua insan anu nembe ngajadi tiasa sarendek saigel sabobot sapihanean kacai jadi salewi kadarat jadi salogak dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah amiin. ngahatur sewu nuhun ka pangersapetugas ti KUA Muga ageung manfaatna, sareng barokahna amin ya robbal alamin.

(Sungkem lamun aya, Salajengna diterasken kana sungkuman kadua panganten sumangga sungkeman kasepuhna nyuhunken widi kango ngarambah rumah tangga anu baris dibina)

Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat do’a. Minajat kanu kawasa, minangka jajap panganten, rek nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan, kanggo nyesepuhan du’a, di suhunkeun ridho galihna ka pangersa (…)

(…) Ngahaturken rewu nuhun kanu parantos nyesepuhanan du’a mugia ageeng barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana tur ditampi ku gusti Alloh SWT.

Alhamdulilah acara tikawit dugika akhir parantos rengse tur aya dina tangtayungan Gusti Alloh SWT mugia dua insan (…) sareng (…) Anu parantos didahupken sing ngajantenken rumah tangga anu sakinah mawaddah sareng warohmah. Laksana urang dawuhken paripaos anus ok aya dina ba’da akad nikah selamat berperang diatas ranjang selamat bertempur diatas kasur. Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALLAH

Manga bapa kalih ibu tos biasa dina akhir acara sok  kana hidangan ti sahibul hajjat parantos disayogiken…..

Hatur nuhun wassalamu a’laikum..

 

 

Contoh Pidato Bahasa Jawa Berbagai Tema

 

Banyak sekali Contoh pidato yang tersedia disini dari Contoh pidato bahasa jawa, Contoh Pidato Bahasa Sunda, contoh pidato bahasa inggris singkat, contoh pidato bahasa inggris tentang pendidikan
,contoh pidato bahasa inggris tentang covid-19, pidato bahasa inggris tentang akhlak, contoh pidato bahasa inggris singkat tentang islam, materipedia.my.id, pidato bahasa inggris singkat tentang pendidikan, contoh pidato bahasa inggris tentang lingkungan, contoh pidato bahasa inggris tentang menjadi diri sendiri, contoh pidato bahasa jawa tentang pendidikan, contoh pidato bahasa jawa tentang covid-19, contoh pidato bahasa jawa tentang perpisahan, contoh pidato bahasa jawa tentang menuntut ilmu, contoh pidato bahasa jawa tentang kesehatan, pidato bahasa jawa tengah, pidato bahasa jawa krama, pidato bahasa jawa singkat tentang kebersihan . pidato bahasa sunda tentang pendidikàn, pidato bahasa sunda tentang kebersihan ,pidato bahasa sunda tentang perpisahan, pidato bahasa sunda tentang corona , pidato bahasa sunda tentang pendidikan, pidato bahasa sunda tentang akhlak, pidato bahasa sunda tentang bersyukur, pidato bahasa sunda lucu. pidato bahasa arab tentang pendidikan,pidato bahasa arab singkat dan pendek,pidato bahasa arab latin, kumpulan pidato bahasa arab, kumpulan pidato bahasa arab tentang ilmu, pidato bahasa arab tentang ibu, teks pidato bahasa arab tentang akhlak, pidato bahasa arab tentang kebersihan, pidato bahasa jepang, pidato bahasa korea tentang pendidikan, pidato bahasa arab, pidato bahasa korea tentang islam, pidato bahasa thailand, pidato bahasa inggris
pidato bahasa cina, teks bahasa korea, pidato bahasa Jerman, pidato bahasa Belanda, Pidato Bahasa Malaysia,

 

Selalu Kunjungin Selalu materipedia.my.id Untuk Mendapatkan Pidato Terbaru

Posting Komentar untuk "Contoh Teks MC Bahasa Sunda Serah Terima Pengantin"