Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Teks MC Bahasa Sunda Tentang Pernikahan



Pidato Bahasa Sunda – Pidato yang dibuat dalam bahasa Sunda dinamakan biantara. Isinya kurang lebih sama dengan jenis pidato lainnya, yang dibuat dan disampaikan dalam bahasa Indonesia. Pidato dalam bahasa sunda juga bertujuan untuk menyampaikan suatu gagasan, kepada banyak orang atau di khalayan umum. Namun isi dari pidato itu sendiri, tetap harus memiliki tujuan yang jelas.

Karena ketika kita berbicara di depan orang banyak, tentu kita harus memiliki arah pembicaraan yang jelas. Jangan sampai orang yang mendengarkan tidak merasa jelas atau paham atas apa yang disampaikan. Penyampaian pidato bahasa Sunda tentu harus disesuaikan dengan tempatnya, karena penonton harus paham apa yang sedang dibicarakan.Contoh pidato bahasa sunda singkat tentang pendidikan, kebersihan, perpisahan, kesehatan, lingkungan, narkoba, kemerdekaan, pemuda, agama, dll.

 

Tujuan Pidato

Beberapa tujuan pidato antara lain

  1. Memberikan informasi dan pemahaman kepada orang lain yang mendengarkan pidato kita
  2. Untuk mempengaruhi pendengar agar melakukan apa yang kita sampaikan
  3. Memberikan kesan positif agar orang lain senang dengan apa yang kita sampaikan sehinga orang lain semakin mudah memahami apa yang kita ungkapkan

 

Berikut ini kita akan membahas singkat tentang pengertian pidato, unsur-unsur pidato, cara berpidato agar tidak grogi. mengulas lengkap mengenai contoh pidato singkat yang baik dan benar.

Mulai dari contoh pidato bahasa jawa perpisahan, contoh pidato bahasa jawa, contoh pidato bahasa jawa singkat, contoh pidato bahasa jawa pendidikan, contoh pidato bahasa jawa tentang disiplin, contoh pidato bahasa jawa narkoba dll, oke sekarang kita kembali lagi ke pokok pembahasan kita yaitu tentang contoh pidato, langsung saja kita simak uraian di bawah ini.

 

 

 Berikut adalah kumpulan contoh pidato berbahasa jawa:

 

Contoh Teks MC Bahasa Sunda Tentang Pernikahan


BUBUKA
Assalamua’laikum Wr. Wb..

 

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan. (…) katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

 

SESERAHAN

Bismillahhirrahman nirahim.. Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga.

Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.

Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela. Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku (…) Ngahaturkeun nuhun ka (…)

Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”. Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan.

Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate. Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna.

Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nusanes namah di antaykeun wae. (Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana.. Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih Ng (…) cep (…) Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun.

Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti  para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan. (Mangga candak calon panganten istri ka luar). Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Tikah (…)

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar. Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka pangersa (…)

DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa (…) di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

 

 

Contoh Pidato Bahasa Jawa Berbagai Tema

 

Banyak sekali Contoh pidato yang tersedia disini dari Contoh pidato bahasa jawa, Contoh Pidato Bahasa Sunda, contoh pidato bahasa inggris singkat, contoh pidato bahasa inggris tentang pendidikan
,contoh pidato bahasa inggris tentang covid-19, pidato bahasa inggris tentang akhlak, contoh pidato bahasa inggris singkat tentang islam, materipedia.my.id, pidato bahasa inggris singkat tentang pendidikan, contoh pidato bahasa inggris tentang lingkungan, contoh pidato bahasa inggris tentang menjadi diri sendiri, contoh pidato bahasa jawa tentang pendidikan, contoh pidato bahasa jawa tentang covid-19, contoh pidato bahasa jawa tentang perpisahan, contoh pidato bahasa jawa tentang menuntut ilmu, contoh pidato bahasa jawa tentang kesehatan, pidato bahasa jawa tengah, pidato bahasa jawa krama, pidato bahasa jawa singkat tentang kebersihan . pidato bahasa sunda tentang pendidikàn, pidato bahasa sunda tentang kebersihan ,pidato bahasa sunda tentang perpisahan, pidato bahasa sunda tentang corona , pidato bahasa sunda tentang pendidikan, pidato bahasa sunda tentang akhlak, pidato bahasa sunda tentang bersyukur, pidato bahasa sunda lucu. pidato bahasa arab tentang pendidikan,pidato bahasa arab singkat dan pendek,pidato bahasa arab latin, kumpulan pidato bahasa arab, kumpulan pidato bahasa arab tentang ilmu, pidato bahasa arab tentang ibu, teks pidato bahasa arab tentang akhlak, pidato bahasa arab tentang kebersihan, pidato bahasa jepang, pidato bahasa korea tentang pendidikan, pidato bahasa arab, pidato bahasa korea tentang islam, pidato bahasa thailand, pidato bahasa inggris
pidato bahasa cina, teks bahasa korea, pidato bahasa Jerman, pidato bahasa Belanda, Pidato Bahasa Malaysia,

 

Selalu Kunjungin Selalu materipedia.my.id Untuk Mendapatkan Pidato Terbaru

Posting Komentar untuk "Contoh Teks MC Bahasa Sunda Tentang Pernikahan"