Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Teks MC Bahasa Sunda Sambutan Pernikahan

 


Pidato Bahasa Sunda – Pidato yang dibuat dalam bahasa Sunda dinamakan biantara. Isinya kurang lebih sama dengan jenis pidato lainnya, yang dibuat dan disampaikan dalam bahasa Indonesia. Pidato dalam bahasa sunda juga bertujuan untuk menyampaikan suatu gagasan, kepada banyak orang atau di khalayan umum. Namun isi dari pidato itu sendiri, tetap harus memiliki tujuan yang jelas.

Karena ketika kita berbicara di depan orang banyak, tentu kita harus memiliki arah pembicaraan yang jelas. Jangan sampai orang yang mendengarkan tidak merasa jelas atau paham atas apa yang disampaikan. Penyampaian pidato bahasa Sunda tentu harus disesuaikan dengan tempatnya, karena penonton harus paham apa yang sedang dibicarakan.Contoh pidato bahasa sunda singkat tentang pendidikan, kebersihan, perpisahan, kesehatan, lingkungan, narkoba, kemerdekaan, pemuda, agama, dll.

 

Tujuan Pidato

Beberapa tujuan pidato antara lain

  1. Memberikan informasi dan pemahaman kepada orang lain yang mendengarkan pidato kita
  2. Untuk mempengaruhi pendengar agar melakukan apa yang kita sampaikan
  3. Memberikan kesan positif agar orang lain senang dengan apa yang kita sampaikan sehinga orang lain semakin mudah memahami apa yang kita ungkapkan

 

Berikut ini kita akan membahas singkat tentang pengertian pidato, unsur-unsur pidato, cara berpidato agar tidak grogi. mengulas lengkap mengenai contoh pidato singkat yang baik dan benar.

Mulai dari contoh pidato bahasa jawa perpisahan, contoh pidato bahasa jawa, contoh pidato bahasa jawa singkat, contoh pidato bahasa jawa pendidikan, contoh pidato bahasa jawa tentang disiplin, contoh pidato bahasa jawa narkoba dll, oke sekarang kita kembali lagi ke pokok pembahasan kita yaitu tentang contoh pidato, langsung saja kita simak uraian di bawah ini.

 

 

 Berikut adalah kumpulan contoh pidato berbahasa jawa:

 

Contoh Teks MC Bahasa Sunda Sambutan Pernikahan


Assalamua’laikum Wr. Wb. Ibu-ibu, Bapa-bapa sareng para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku urang sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita, nyaeta minangka pamuka acara. Babasan pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen ti sadayana ieu acara bade dikawitan.

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun dina pingping haturan wilujeng sumping, di wewengkon (…) tempat pangaharepan sarakan keur kulawarga. Ka pihak calon panganten Istri,  bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hiyap calon panganten pameget miwah rombongan.

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah, ku ibu atanapi wawakil ti pihak calon panganten istri (mangle di kalungkeun), salajeungna dihaturanan linggih ka calon panganten pameget miwah rombongan, di tempat anu parantos disayogikeun.

Bismillahirrohmanirrohim Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna muhammadan abduhu worosulluh.amma ba’du. Alhamdulillah puji sinareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina dinten (…) ping (…) dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami.

Ngadahupna neng (…) putrina bapa (…) kalih ibu (…) ka cep (…) Putrana bapa (…) kalih ibu (…). namung sateuacanna sim kuring pun (…) baris ngadugikeun rundayan acara nu baris di pedar, di antawisna;

1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : ………
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten. Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku  (…), Panampian ti pihak calon panganten istri ku : (…)
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul urusy /akad nikah *ku petugas KUA
6. Sungkeman
7. Tutup

Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring, sumangga pikeun muka ieu acara urang sasarengan maos basmallah.Bismillahirrohmanirrohim. Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris di lantunkeun ku pangersa (…) Waktos sareng tempatna mangga nyanggakeun.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana (…) Nu parantos ngalantunkeun kalam ilahi, malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan urang sadayana. Amin. Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah rombongan, pamali mun dilami-lami komo dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.

Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah disarengan ku ucap. Ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeunana.

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun tali babarayaan.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun calon panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna baris di langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri, kanggo pangersa, sumangga nyanggakeun waktos sareng tempatna.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun guesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten pameget kanggo ngadugikeunana ditampi ku ibu calon panganten Istri. (cacandakan nu sanesna tiasa dipapaykeun ka lebet).

Para wargi sadayana, Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng (…) ka  cep (…) Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja nyaeta neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan. Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama, nyanggakeun waktosna.

…………………………………….

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos engse kalayan lancar, mugia dua insan nu nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah. Amin…

Acara salajengna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga sungkeman ka sepuhna nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga nu baris dibina. Ibu-ibu, Bapa-bapa miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar kalayan aya dina kalancaran.

Mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya dilajengkeun kana do’a. Kangge mimpin do’a, mangga ka pangersa (…) dihaturanan.

Sim kuring pun (…) baris amit mundur amit mungkur, hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobil alamin. Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb.

Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga dihaturanan.
 

 

Contoh Pidato Bahasa Jawa Berbagai Tema

 

Banyak sekali Contoh pidato yang tersedia disini dari Contoh pidato bahasa jawa, Contoh Pidato Bahasa Sunda, contoh pidato bahasa inggris singkat, contoh pidato bahasa inggris tentang pendidikan
,contoh pidato bahasa inggris tentang covid-19, pidato bahasa inggris tentang akhlak, contoh pidato bahasa inggris singkat tentang islam, materipedia.my.id, pidato bahasa inggris singkat tentang pendidikan, contoh pidato bahasa inggris tentang lingkungan, contoh pidato bahasa inggris tentang menjadi diri sendiri, contoh pidato bahasa jawa tentang pendidikan, contoh pidato bahasa jawa tentang covid-19, contoh pidato bahasa jawa tentang perpisahan, contoh pidato bahasa jawa tentang menuntut ilmu, contoh pidato bahasa jawa tentang kesehatan, pidato bahasa jawa tengah, pidato bahasa jawa krama, pidato bahasa jawa singkat tentang kebersihan . pidato bahasa sunda tentang pendidikàn, pidato bahasa sunda tentang kebersihan ,pidato bahasa sunda tentang perpisahan, pidato bahasa sunda tentang corona , pidato bahasa sunda tentang pendidikan, pidato bahasa sunda tentang akhlak, pidato bahasa sunda tentang bersyukur, pidato bahasa sunda lucu. pidato bahasa arab tentang pendidikan,pidato bahasa arab singkat dan pendek,pidato bahasa arab latin, kumpulan pidato bahasa arab, kumpulan pidato bahasa arab tentang ilmu, pidato bahasa arab tentang ibu, teks pidato bahasa arab tentang akhlak, pidato bahasa arab tentang kebersihan, pidato bahasa jepang, pidato bahasa korea tentang pendidikan, pidato bahasa arab, pidato bahasa korea tentang islam, pidato bahasa thailand, pidato bahasa inggris
pidato bahasa cina, teks bahasa korea, pidato bahasa Jerman, pidato bahasa Belanda, Pidato Bahasa Malaysia,

 

Selalu Kunjungin Selalu materipedia.my.id Untuk Mendapatkan Pidato Terbaru

Posting Komentar untuk "Contoh Teks MC Bahasa Sunda Sambutan Pernikahan"