Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Pidato Tentang Acara Pengenten dalam Bahasa Sunda


Pidato adalah suatu kegiatan berupa ucapan dengan susunan yang baik untuk menyampaikan gagasan kepada orang banyak. Pidato bertujuan untuk mempengaruhi orang lain agar mengikuti kemauan atau maksud kita dengan suka rela. Pidato juga merupakan suatu kegiatan untuk berorasi di depan umum...Kumpulan Pidato Lengkap

Adapun unsur-unsur dalam pidato yaitu:

  1. Pendahuluan
  2. Salam pembuka
  3. Sapaan
  4. Puji syukur
  5. Isi pidato
  6. Penutup pidato
  7. Salam penutup

Ciri-ciri pidato yang baik adalah:

  1. Pidato harus memiliki tujuan yang jelas.
  2. Sebuah pidato harus mengandung atau memuat kebenaran.
  3. Penyampaian pidato harus jelas dan semenarik mungkin.
  4. Pidato harus bersifat efektif, dapat diselingi dengan humor.
  5. Penyampaian pidato menggunakan artikulasi, intonasi, dan volume yang terang dan jelas.

Metode-metode dalam membawakan pidato yaitu:

  1. Metode memoriter yaitu menghafal naskah.
  2. Metode ekstemporan yaitu membuat catatan kecil berisi garis besar pidato.
  3. Metode naskah yaitu dengan cara membaca naskah yang telah disiapkan.
  4. Metode impromtu yaitu spontanitas atau serta merta tanpa adanya persiapan.

Jenis-jenis pidato adalah sebagai berikut:

  1. Pidato yang bersifat persuasif
  2. Pidato yang bersifat rekreatif
  3. Pidato yang bersifat informatif
Tujuan pidato adalah untuk memberikan pemahaman dan informasi kepada orang lain secara massal dengan berorasi di depan umum. Selain itu, pidatojuga dapat berfungsi untuk membuat orang lain senang dan terhibur dengan apa yang kita sampaikan


Berikut Contoh Pidatonya:

 

Contoh Pidato Tentang Acara Pengenten dalam Bahasa Sunda



Hadirin anu dimulyakeun, para tamu /rombongan anu jajap panganten pameget anu di
pihormat!

Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung urang sadaya parantos tiasa riung m
ungpulung, anging takdir ti Ilahi, urang tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mu
stari, pangersa Allah anu maha Kawasa, tepang rasa, tepang basa, sareng kanca mi
tra sadaya.

Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku tepungna tantung, pacangreudna deud
euh, patalina asih, tug dugika jatukramina laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka p
un anak Kabayan anu kalayan takdir Ilahi parantos waluya bagja rahayu anu dituju
, tinekanan diwalimahan dina dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.

Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten, utamina sepuh panganten pamege
t! Langkung ti payun seja sanduk-sanduk, mugia agung cukup lumur, jembar hapunte
n anu kasuhun rehing dina tata titi, duduga peryoga, tata cara kumaha kedahna na
mpi tamu, estu tumamu, tebih tina nyumponan kautamian, estuning walurat pisan. H
apunten sanes henteu ngutami, atanapi kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosa
nnana anu kadada kaduga. Ari karep mah hoyong nyugemakan, namung pakeun anu hent
eu tiasa dipinding-pinding, estu nya sakieu kabuktosanana.

Para hadirin anu mulya, rombongan panganten pameget, kalih sepuh panganten pameg
et sarimbit!

Jisim kuring kalayan asmana pun anak seja nyambung saur, ngadugikeun gerentes a
ti anu kagungan maksad, nyatana sepuh panganten istri geusan nampi papasrahan ti
pihak sepuh panganten pameget anu parantos ngadugikeun kalayan jentre merele, a
tra nyata, anu direka ku basa anu ngahudang rasa, estu kahartos pisan sartas sal
uyu sareng lelembutan, naon anu dipimaksad.

Kukituna dina ieu wanci anu mustari mugi disaksi sim kuring seja nampi, kalayan
Nyebat asma Allah anu welas asih, ting silumanting, baeu anaking, ditampi ku asi
h wening trang silumejang, si ujang muga kenging kabagjaan, sadami renghapna, s
akujur jasadna, getihna satetes, buukna salambar. Gumulung tangtung hirup huripn
a. Sumanding jirim raga badag jeung lembutna Seja disanggakeun ka anu kagungan s
areng anu nyiptakeun Allah Robbul Alamin. Diraksa dijaring ku welas asihna Gusti
Nu Maha Suci tur Maha Rohman Maha Rohim. Muga pinareng panjang punjung kalayan
ridho Anu Maha Agung, rumah tangga bagja waluya, di dunya tug dugi ka alam baqa
, Amin Ya Robbalalamin.

Dirina ditampi, maksadna ditarima, oge ruruba pangjajap, cacandakan anu sakitu s
eueurna, sareng nyugemakannana, ditampi ku asta kalih, tumamprak panangan muji s
yukur, tasyakur binimah, kana rizki welas asihna Gusti, anu kalayan karidoan gali
h pinuh ku kaiklasan manah parantos dipasihkeun/ dipasrahkeun ka pihak sepuh pan
ganten istri.

Mudah-mudahan sing jadi barokah, jadi amal kasaean kanggo anu masrahkeunana, mug
a jadi kamangfaatan dunya aherat kanggo anu nampina. satemenna kakangen ati kala
yan sareng kareueus ku parantos cunduk waktu sareng dipasrahkeun.

Anaking! anak bapa teu wasa ngagambarkeun ku basa, teu mahi kumaha kedahna male
s budi ka nu janten sepuhna panganten pameget sareng rombogan, anu sami-sami jaj
ap, anu parantos masihan ajen pinuji ka sim kuring sakulawarga, utamina ka pun a
nak. Sadaya kasaean seja disanggakeun ka Anu Maha Adil, maha Wijaksana, ka Alla
h Anu welas asih, mugia dijantenkeun amal kasaean. Amiin.

Rupina lisan panampian dicekapkeun sakieu, Atuh salajengna oge sakedik amanat an
u mangrupikeun tali asih simpay kanyaah, mudah-mudahan sing jadi pamatri enggoni
ng laki rabi, pangrumat rumah tangga, jadi obor dimana poek, jadi kamudi bahtera
na laki rabi.Mugi diregepkeun ku Ujang Nyai Panganten jeler istri. Anaking! Poe ieu hidep nar
ima amanat. Pek buktikeun tangungjawab hidep kana ieu amanat. Anu hakekatna aman
at ti Gusti Allah. Pek geura tatan-tatan, tarik jangkah beber layar, ngajugjug k
ana pulo pangharepan hidep duaan.

Anaking! Coba lenyepan ieu amanat Luqmaul Hakim ka putrana. Wahai anaking! Kahir
upan teh lir ibarat samudra, jerona satunjang jagat, legana parat ka langit. Pen
geusina salaksa haq, saketi batil, hade goreng bagja cilaka pagaliwota, sorangeu
n piliheun hidep duaan. Anaking perhatikeun munggaran lesotna jangkar, bral mia
ng nyandang harepan. Kapalna wujuding taqwa, eusina wajaning iman, umbul-umbulna
Dinul Islam, padomananan nurut dawuh sunah Rasulullah SAW. Balabuhna lebah pala
taran katengtreman (tawakal alal Loh) Insya Allah kapal hidep baka kuat norobos
lambak anu kuat di tengah-tengah sagara kahirupan.

Anaking, Prak geura lengkahkeun suku hidup duaan dina ngambah kahirupan anyar, k
ahirupan rumah tangga. Hiliwir angin kaasih, hulowatan kabagjaan mugia tinekaan
bari ulah hilap ucapkeun.

Tutug anu dituju, tuntas anu diseja. Sakitu nya kedalna ieu rasa, anu kapaksa sa
tiasa-tiasa diolah ku basa, anu tuna pangabisa, sih hapunten tangtos pakusut nye
but, pasolengkrah pasalia, caturna teu ka ukur ku ugeran, engangna teu di ungang
engang, tata titina tebih ti utami, sih haksami anu dipamrih, mugia agung cukup
lumur, jembar pangaputen tina sagala rupi kakiranganana.

Assalamualaikum wr. wb

Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru Sekolah Unsilster seja ngahat
urkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarw
ata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa
mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa pat
epung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina
raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nya
eta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti wari
san ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh l
aku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kung
si dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra pu
tri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala put
ra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajara
n anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade
rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna an
u mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna m
ah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.
Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos
anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, an
u janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bem
a tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun ki
eu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng su
mbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana,
beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, angg
ang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bag
ja dunya rawuh akheratna.

PIDATO MC NIKAHKENAssalamualaikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah romb
ongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pi
nang. Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan p
adika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah s
eureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun hat
uran wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan katelahna,tempat anyar
pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jal
u hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwa
h rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda
tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perse
ka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon pan
ganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN

Bismillahhirrahman nirahim
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget m
iwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dil
ila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyamp
ak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tinda
k tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparina
n manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungku
l, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah
di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam i
lahi nu bade di lantunkeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun kumandang ka
lam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka
urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun.amin.

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat
nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggan
g di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuh
an calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalb
u jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak
calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta ta
npa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simp
ai babarayaan, sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pam
eget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten I
stri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya p
apadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas.
Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pama
ksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pamege
t di tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.

(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).
AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka m
angkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asi
h Ng_____________cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakse
ni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak cal
on panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun A
kad Tikah..

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih
, oge pangdua ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka
pangersa_____________________)

DOA

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina pana
ngtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya d
i lajengkeun kana doa.Kangge mimpin ieu doa. mangga ka pangersa __________________
di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah
sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara
ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.


 

 

beberapa contoh yang merupakan teks pidato. Semua contoh meliputi tentang pidato bahaya narkoba, pidato perpisahan, pidato kebersihan, pidato pendidikan, dan yang terakhir pidato moral atau pendidikan karakter. Contoh pidato bahasa jawa tentang narkoba, contoh pidato bahasa jawa tentang pendidikan, contoh bahasa jawa tentang kebersihan, contoh pidato bahasa jawa tentang perpisahan, contoh pidato bahasa jawa tentang kesehatan, dll.Dari mulai contoh yang pertama hingga akhir silahkan bisa dijadikan untuk referensi bagi yang membutuhkan.

 

 Contoh Naskah Pidato Singkat dalam Berbagai Tema



Banyak sekali Contoh pidato yang tersedia disini dari Contoh pidato bahasa jawa, Contoh Pidato Bahasa Sunda, contoh pidato bahasa inggris singkat, contoh pidato bahasa inggris tentang pendidikan
,contoh pidato bahasa inggris tentang covid-19, pidato bahasa inggris tentang akhlak, contoh pidato bahasa inggris singkat tentang islam, materipedia.my.id, pidato bahasa inggris singkat tentang pendidikan, contoh pidato bahasa inggris tentang lingkungan, contoh pidato bahasa inggris tentang menjadi diri sendiri, contoh pidato bahasa jawa tentang pendidikan, contoh pidato bahasa jawa tentang covid-19, contoh pidato bahasa jawa tentang perpisahan, contoh pidato bahasa jawa tentang menuntut ilmu, contoh pidato bahasa jawa tentang kesehatan, pidato bahasa jawa tengah, pidato bahasa jawa krama, pidato bahasa jawa singkat tentang kebersihan .

 

Selalu Kunjungin Selalu materipedia.my.id Untuk Mendapatkan Pidato Terbaru

 

Posting Komentar untuk "Contoh Pidato Tentang Acara Pengenten dalam Bahasa Sunda"